MTs Persis Tarogong Kasumpingan Paguyuban Sastrawati Sunda

Garut – Dina raraga miéling Bulan Bahasa Taun 2019, Pusat Sumber Belajar (PSB) Perpustakaan MTs. Persis Tarogong nu dipupuhuan ku Ibu Iis Komariah ngayakeun workshop literasi Sunda anu tujuanana pikeun ngawanohkeun sastra Sunda ka barudak Santri. Ieu kagiatan nu dihususkeun pikeun santri awéwé téh lumangsung dina poé Ahad (3/11/19) di GOR Pasantrén Persis Tarogong.

Ieu workshop mangrupakeun rukun gawé antara PSB jeung paguyuban sastrawati Sunda PATREM dina program Patrem Saba Sakola (PASASA) nu ka-5, nu diluluguan ku ibu Chye Retty Isnendes, Guru Besar Prodi Bahasa Sunda di UPI Bandung. Leuwih ti lima ratus urang santri awéwé ti kelas 7 nepi ka kelas 9, hémpak merbayaksa ngabandungan pintonan kreasi sastra nu dipidangkeun ku réngréngan anggahota Patrem. Aya maca carpon nu dipidangkeun ku ambu Tetty Khodijah,  ambu Roro sareng ambu Ai Wawang. Pupuh maskumambang ku ambu Tiktik Rusyani ogé ngawih kinanti ku ambu Ani. Sajak dipidangkeun ku sastrawati sepuh, ambu Yooke Tjuparmah.

Maca pupujian nu dipidangkeun ku Téh Astri Mulyawati ngahudang apresiasi barudak, kabéh antusias milu macakeun pupujian siroh kangjeng nabi dina lagam nadom. Bubuhan nu midangkeunana masih kénéh mahasiswi tur komunikatif jadi babari narik ati barudak kana matéri nu ditepikeun. Ceuk Téh Astri, Pupujian kaasup salah sahiji karya sastra sarua jeung carpon atawa sajak.

Pidangan kreasi seni diselang-selang ku pintonan ti barudak MTs. Persis nu geus disiapkeun ti saméméhna. Sasakala Situ Bagendit, didongéngkeun ku Zahra kelas 8.F kalawan ekspresif tur atraktif, kalandep pisan ku réngréngan Patrem dugi ka aranjeuna spontan masihan standing applause. Sajak Tanah Sunda yasana Ajip Rosidi, dipidangkeun ku santri kelas 7, Nurul, Ghaida jeung Elvira. Musikalisasi sajak Bulan Di Pamarican yasana Chye Retty Isnendes digalindengkeun kalayan ngalagena ku Rachel Kaana saparakanca dipirig ku jentréng gitar ti Alya kelas 9.J. Pamustungan, barudak dioyagkeun ku pidangan tembang Peuyeum Bandung ti Rachel Kaana.

Acara panungtung, praktek nulis dibingbing langsung ku ambu Chye Retty. Barudak disina nyieun kelompok masing-masing sapuluh urang. Tuluy ditungtun pikeun nulis sajak, carpon, pupujian jeung sisindiran tina ide langsung séwang-séwangan. Ambu Chye kacida gemet sareng tulatén mariosan hiji-hiji karya beunangna barudak tuluy dipilih jeung dikumpulkeun karya nu kaitung geus alus.

Beundeulan karya dipasrahkeun ka pihak PSB supaya didokumentasikeun. Karya-karya ti 45 kelompok téh leres-leres dipariosan hiji-hiji ku ambu Chye, tuluy sina dipidangkeun ku nu boga karyana dina panggung. Atuh sabataé, workshop nu diagendakeun réngsé tabuh 12 téh melar waktuna nepi kana sa-jamna. Barudak karék bubar ti GOR sabada acara ditutup dina pukul 1 leuwih.

Sabada dilaksanakeunana ieu workshop literasi Sunda, dipiharep barudak santri MTs. Persis bisa leuwih wanoh kana sastrana tur leuwih anteb dina ngagunakeun basana. Ulah nepika Jati kasilih ku Junti, barudak leuwih tapis ngomong basa Korea bari kerung nalika ngadéngé kekecapan Basa Sunda.

#workshopliterasisundamtspersistarogong
#humaspesantrenpersistarogong

 

Komentar (0)

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *